Carita Zaman BAheula


‘’KABAYAN JANTEN BOYBAND’’
      Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia.
     Geus lima taun teh  Kabayan  balik ka kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana
Kabayan  :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus keur          Nyokap.”(Gogorowokan bari lulumpatan)
Ambu           :”Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna sakampung.”
Kabayan       :’Huuuu,si Ambu mah da mahiwal wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu apal.”
Ambu           :”Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah maneh istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.”
Kabayan       :”Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi Iteung heula.”
Ambu           :”Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”
Kabayan       :”Ma’enya Ambu,Nyi Iteung can balik?”
Ambu           :”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”
Kabayan       :”Ah nya tos weh,Kabayan rek istirahat heula.”(Asup ka kamar sabari cirambai cai panon)

      Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV gratis di imah si Kabayan.
Cenang         :”Kabayan..!Kabayan..!.”
Nanang        :”Kabayan…..!”
Ambu           :”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)
Nanang        :”Kabayana aya?”
Ambu           :”Aya sok weh lebet.”
Cenang Nanang:”asik.”(Sabari asup ka imah Kabayan)
Cenang         :”Hey Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.”
Kabayan       :”Ah,urang oge nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.”
Nanang        :”Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..”
Kabayan       :”Geuslah maraneh naronton ditu,urang mah lieur.”
Cenang         :”Eh…eh Kabayan,naha eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari nunjuk-nunjuk ka TV)
Nanang        :”Mana ? oh enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.”
Kabayan       :”Mana? mana? Oh beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”
Nanang        :”Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”
Cenang         :”Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.”
Kabayan       :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari nyepengan tarang)
    Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang tinggal.
Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung Eksis.Aranjeun 
                   hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan)
Kabayan       :”Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?”
Nanang        :”Asyik,jadi artis.”
Cenang         :”Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring satuju.”
       Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.
Ambu                :”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)
Komentator       :”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.”
Kabayan            :”Perkenalkeun wasta abdi David.”
Nanang             :”Wasta abdi Kevin.”
Cenang              :(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran)”Nami abdi Cecep.”
Kabayan            :”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang)
Cenang              :”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.”
Nanang             :”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.”
Cenang              :”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.”
Komentator       :”Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.”
      Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu urang tinggal adegana.
Kabayan            :”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”
Ambu                :”Jahe jang, jahe,jahe.”
Kabayan            :”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV)
Ambu                :”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)
Kabayan            :”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari asup deui ka layar TV)
Ambu                :”Enya sami-sami.”
Cenang              :”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”
Komentator       :”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)
Nanang             :”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)
Komentator       :”Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.”
Hotts               :”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)
   
       Sanggeus audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan, Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.
Reporter          :”Kunaon nami anjeun Syahlacin?”
Iteung              :”Kusabab saya alay cin..”
Reporter          :”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa naek daun?”
Iteung              ;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”
Reporter          :”Anjeun yakin?”
Iteung              :”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”
     Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin.
Kabayan            :”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”
Iteung              :”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”
Nanang             :”Astaghfirulohnya.!’’
Iteung              :”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”
Nanang             :”Keun welah.”
Kabayan            :”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek ngagentos ngaran naon ge !”
Iteung              :”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”
Cenang              :”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge poho.”
Iteung              :”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”(Sabari malingkeun sirah)
     Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab Iteung datangna telat.
Ayanti              :”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin)
Iteung              :”Enya urang telat kunaon kitu?”
Ayanti              :”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh mah.”
Iteung              :”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu lain heula,you now?”
Ayant               :”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari ninggalkeun iteung)
Iteung              :”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”
     Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.
Koreografer      :”Hiji,dua,tilu mulai.”
Hotts               :(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener)
Koreografer      :”David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make mistar)
Kabayan            :”Hampura bu korek.”
Cenang              :”Koreografer lain korek.”
Nanang             :”Tumben maneh pinter.”
Koreografer      :”Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)
Hotts               :”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)
    
     Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti.
Ayanti              :”Eh David ti mana ?”
Kabayan            :”Ti tempat latihan.”
Cenang              :”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.”
Ayanti              :”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.”
Nanang             :”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?”
Ayanti              :”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”
Cenang              :”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”(Sabari seserian)
Kabayan            :”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”
Nanang             :”Tah..he’euh bener, hayu atuh.”
Kabayan            :”Ti payun nya neng Ayanti.”
Ayanti              :”Enya.”(Sabari seuri isin)
     Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan ieunya.
Reporter          :”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)
Ayanti              :”Punteunnya aya urusa naon?”
Reporter          :”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung David the nuju caketnanya?”
Ayanti              :”Hmmm.”
Kabayan            :”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”
     Ujug-ujug Syahlacin datang.
Iteung              :”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”
Ayanti              :”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti baheula.”
Kabayan            :”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di mobilnya.”
     Saentos si Kabayan angkat  Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.
Ayanti              :”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik leungeun si Iteung)
Iteung              :”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni siga aya sesuatunya.”
Ayanti              :”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)
Iteung              :”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”
Ayanti              :”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka maneh.”
Iteung              :”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit deui ka acara salanjutna.
     Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin.
Iteung              :”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”
Kabayan            :”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)
Iteung              :”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis)
Kabayan            :”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon)
     Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.
Syahlacin          :”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut)
Kabayan            :”Aya naon?”(Raray sarius)
Iteung              :”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh keneh ka maneh.”
Kabayan            :”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”
Iteung              :”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”
Kabayan            :”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon ka dieu?”
Iteung              :”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”
      Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras mutuskeun angkat ka luar kota.
Ayanti         :”Aww.”(Sabari nabrak Cenang)
Nanang        :”Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.”
Ayanti         :”Ah,awas maneh banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang)
Cenang         :”Ihh,meuni kaktus pisan.”
Nanang        :”Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!”
Cenang         :”Oh enya-enya.”
     Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna mutuskeun ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga baheula.
ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA


“TAMAT’’
Si kabayan ngalamun
Posted on Mei 3, 2007 by dedi
mitoha si kabayan keuheuleun pisan, sabab si kabayan sok ngalamun wae. di gawe bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun komo di pacilinganmah mani beuki anteng ngalamuna teh…
sakali mangsa si kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah mitohana, si kabayan atoheun pisan, gancang endog meri teh di bawa  kaimah de tembongkeun ka pamajikanana.
“sukur, ka dieu urang kulub, keu si encid (budakna red.)” ceuk pamajikan si kabayan.
“montong” tembal si kabayan, “anggurmah rek di pegarkeun, di pilukeun kana hayam bapa, nu ayeuna keur nyileungleum” tembal si kabayan. ti dinya endog teh di teundeun hareupeunnana bari di taksir.
“kumaha akang wae atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula” ceuk pamajikan si kabayan bari ngajinjing boboko rek ngisikan di pancuran.
si kabayan cingogo di harudum sarung bari nyanghareupan endog. budak mah di antep wae sina kokorondangan dina palupuh, ari manehna anteng ngalamun deui, kieu ngalamuna teh….
“endog teh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. umpamana wae ngendogna sapuluh terus di pegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas meri tah, pek kabeh ngendog deui, mun endogna sapuluhan jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba. endogna oge pasti beuki loba. aing rek jadi bandar endog, endog di jualan aing jadi loba duit. duitna di beulikeun domba bikang. domba na baranahan tepi ka aing loba domba, dombana di jual kapasar, terus di beulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing bakal loba munding… adeuh..huhuy… munding aing mani rendang di sawah…….”
keur kitu, geprak wae endog si kabayan teh di baledog ku pamajikanana tepi ka peupeus, sihoreng endog teh kacingcalang.
“kabayan, cing atuh kana ngalamun teh mani kamalinaan, tuh tenjo si encid mani buncunur sirahna tidagor kana tihang, da di antep wae…”
si kabayan kalahka molotot ka pamajikannana.
“kunaon munding aing di ruksak ku maneh..? rasakeun ieu paneunggeul..” ceuk si kabayan bari ngamang-ngamang sapu.
pamajikan si kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna, bari ngais budak. si kabayan ngudag bari angger ngamang-ngmang sapu.
mitohana norojol ti imah, tuluy nanya ka si kabayan.
“ku naon maneh teh kabayan kawas nu teu eling..”
“bongan munding uing di ruksak ku si iteung..”
“na timana maneh boga munding…?”
“pan tina ngajual ladang endog asal na mah..” tembal si kabayan
“bohong ketang, ngalamun wungkul, barina ge endogna kacingcalang..” si iteung nambalang
“euh kitu..” ceuk mitoha si kabayan..” paingan atuh kebon aing, mani ledug di ranjah munding, ari maneh boga munding mah, hayoh gantian, mun teu di gantian di laporkeun ka pulisi..”
“ampun pa..” ceuk si kabayan ” abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding teh, eta mah lalamunan. hayu iteung urang balik..” si kabayan ngajak balik kapamajikanana.
mitohana gogodeg.
isukna si kabayan dititah ngala kalap ku mitohana, tina sapuluh kalapa, si kabayan bakal di buruhan kalapa sa hulu. si kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela-sela dahan kalapa, teng wae ngalamun. 
“buruh ngala kalapa rek di jual, ladangna di beulikeu kana endog hayam, tuluy di pegarkeun, pek di ingu. hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih, endog di jual ka pasar, aing jadi bandar endog. tina ladang endog aing rek meuli domba, domba oge ngareaan…. aing jadi bandar domba, tina bati domba aing rek meuli munding… eh ketang moal, moal meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha… ah rek meuli kuda wae. kudana kuda balap.. kuda ustrali nu jangkung tea, aing jokina…plok..plok kudana di lumpatkeun…”
bari ngalamun kitu teh si kabayan reurendeukan dina palupuh kalapa.
“kuda teh beuki tarik lumpatna… horseh kotoplak…kotoplak……” sikabayan beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, tepi ka palapah teh pepelenoyan. kulantaran motah teung palapah teh potong, sikabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa. gebrus wae ka balong. untungna kalapa teh sisi balong, si kabayan pipina bared keuna regang awi, sukuna tipalitek, untung teu maot oge.
ti harita sibayana kapokeun deui ngalamun dina tangkal kalapa…..
#si kabayan ngdeupaan lincar
Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.
Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”
Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.
“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.
Si Kabayan kacida atoheunana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar