HIRUP SUSAH JAUH KA BUNGAH
Lalakon :
Dina
Anggraeni : Icih
Dyan Laylla Ramadhiana :
Onah
Oki Wina Suhada :
Abah
Rahayu :
Eman
(Kacaritakeun di hiji
kulawarga nu hirupna pas-pasan. Si Eman ngaranna. Ampir unggal poe gawe na ngan
ngalamun jeung sare. Eman boga pamajikan jeung boga hiji anak. Di hiji poe,
Eman keur ngalamun mikirkeun kasusah)
Eman
: Jaman Jepang kerja rodi
Ayeuna mah kerja bakti
Tepangkeun yeuh nami abdi
Si Eman budak Pa Tedi
Aduh meni bingung lur mikirann
republik ieu. Ayeuna mah leuwih loba teu benerna daripada nu benerna. Yeuh,
Korupsi merajalela. Nu benghar beuki beunghar. Nu susah beuki susah. Lieur aing
mah.
Onah : Aeh aeeeh.., ai maneh ngan ngacapruk wae di
denge-denge teh. Anggur mah bantuan kami digawe !!
Eman
: Yeuh Cih, Si Alfian hayang ngising
Ngisingna di deukeut pager
Duh lieur aing mah pusing
Nagara beuki teu bener
Onah : Euleuh euleuuuh eta Si Kastam, sinarieun
maneh mikiran nagara. Biasana mah diri sorangan ge tara dipikiran. Ulah hayang
buah ngora
Mening nginum cai enteh
Ulah mikiran nagara
Pikirkeun mah diri maneh
Eman :
Yeh maneh mah, aing teh prihatin atuh ku kaayaan nagara ayeuna.
Onah :
Heueuh sarua aing ge prihatin ka diri maneh. Yeuh dengekeun,
Ka Sumedang meuli baju
Ka Corenda meuli pare
Kumaha diri rek maju
Gawe ge ngan ukur sare
Eman
: Yeh, Ka Corenda meuli pare
Asal ulah meuli sate
Mening ge ngan sare
Daripada ka awewe
Bener
teu Nah? (bari noel Onah)
Onah : Aeh dasar kasebelan, awas we mun centil ka awewe !!
(Keur
parea-rea omong teh Si Icih datang nyampeurkeun).
Icih : Maaa, dangukeun gera !!
Onah : Dangukeun naon su?
Icih
: Ngala lauk ka walungan
Heug papanggih jeung Kang Simo
Aduh Ma, abdi tulungan
Loba cacing keur daremo
Onah : Uluh nya dimana aya cacing demo?
Icih : Ieu dinu beuteung Ma. Icih teh lapar. (bari nyekelan beuteungna)
Onah : Aeeeh ieu budak, pira hayang dahar wae ge
meni ripuh. Jug atuh gera dahar, tuh aya tutug uyah.
Icih
: Ih Si Ema meni bosen, Meuli enteh ka
Bi Enah
Meuli
jahe ka Bi Romlah
Dahar
teh euweuh nu ngeunah
Unggal
poe tutug uyah
Yeuh Ma, sakali-kali mah
stik atuh.
Eman : Ah teu ngalarti teuing aing mah, dahareun
ayeuna mah geus araraneh ngaranna ge. Nya naon ari stik teh Icih?
Icih
: Aduh ieu mah yeuh, Jalan-jalan ka
Ciparay
Ngan balikna kanu kapal
Boga bapa kamseupay
Nu kitu ge ni teu apal
Eman : Yeh budak teh, aing mah nanya bener, ieu kalah ngaledek.
Icih : Enya atuh Pa, yeuh stik teh spageti, tempe, iwung jeung
kangkung.
Eman : Aeeeh dasar budak gelo, dahar ge meni kumaki
teuing, kolot keur susah kalah beuki nambahan ka susah. Lieur maneh mah.
Icih : Eittsss tong salah, da abdi mah gelo ge turunan ti Bapa.
Eman : Yeh ieu budak.
(Keur
kitu, kurunyung Si Abah)
Abah : Aeh aeh aeeeeh, etah incu aing rek
dikumahakeun? Montong dicarekan siah etah incu Abah !!
Eman : Atuh da lieur budak teh. Gede-gede teu ngarti kasusah kolot.
Abah
: Yeuh dengekeun ku silaing !! Tong sok
hayang deukeut badak
Mun embung diteunggar sirah
Tong sok hayang nyieun budak
Mun embung loba kasusah
Eman
: Ka Bandung neangan gawe
Nongkrong heula sisi jalan
Ah Si Abah mah bisa wae
Kawas teu pernah ngalaman
Sok da Abah ge pasti resep nyieun na mah.
Mun teu kitu mah meureun moal aya
Nyai Onah.
Abah : Yeh silaing mah nembal-nembal wae. Masalah
eta mah kumaha aing we. Jug Icih gera dahar di imah Abah. Di ditu mah loba
deungeunna.
Icih : Ciyuuus Abah ?
Abah : Ciyuusss Icih.
Eman : Oh, muhun atuh, hayu ah urang taruang heula.
Abah : Yeh, maneh mah montong, eta mah ngan keur incu aing hungkul.
(Geus kitu Abah jeung Icih ngaleos
rek muru dahar. Can Abah jeung Icih ngalengkah, Si Eman nyeletuk ngomong).
Eman
: Yeh dasar aki-aki gelo. Ampun teuing
boga mitoha model kitu. Tuh bapa maneh Onah !!
(Sanggeus
ngomong kitu, Si Abah balik deui).
Abah : Ngomong naon siah maneh?
Eman : Eh henteu, henteu Bah. Abdi mah mung nyarios
Abah teh bageur, kasep, bijaksana, hanjakal gendut.
Abah : Yeh maneh, awas mun sakali-kali deui !! (bari ngaleos)
Onah
: Puas siah dicarekan ! Da maneh mah
loba ngomong. Geus ah rek nyeuseuh heula
aing mah. Hayu maneh ge
bantuan ngala cai !! (ngaleos rek nyeuseuh)
Eman : Deuh pararusing teuing. Boga pamajikan
geulis hanjakal galak. Boga mitoha beunghar tapi pedit. Yeuh barudak, Ka kota
meuli sapedah
Di jalan
manggihan lilin
Tong hayang boga kasusah
Kitu
salah, kieu lain
Matak ge, Mun embung naek sapedah
Sing rada gancang leumpangna
Mun embung jadi nu susah
Sing garetol diajarna
Sok ku aing didu’akeun sing jaradi jelema
jeneng.
(Keur kitu Onah gegeroan)
Onah : Ablahuuuuu, buru maneh teh bantuan ngala cai.
Eman
: Yeh, Si Astahiam, heueuh atuh mangke.
Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Samudaya kalepatan
(Si Eman ngaleos nuturkeun pamjikan
na rek ngala cai).
TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar